semua terdiam....
aku duduk dipojok ruangan, hanya bisa menunduk dan menerima segala celaan yang aku terima. semua salahku. tak pernah ada yang membelaku....
Minggu, 03 Juni 2012
Sabtu, 02 Juni 2012
Carpon
Kahayang Kolot
Panon poé bijil ti beulah wétan.
Hayam pating kongkorongok ngahudangkeun sakabéh jalma anu masih kénéh nyumput
dina gulungan simbut. Wanci janari, Fiah geus nyaring rék nyiapkeun barang keur
sakola. Fiah émang béda jeung mojang-mojang anu lainna. Biasana batur mah
janari téh tinggalolér kénéh dina luhur kasur ari Fiah mah geus bérés tahajud
jeung bébérés kamarna. Jam genep kurang saparapat Fiah geus siap éindit ka
sakola.
“Mah,
Fiah angkat heula sakola. Do’akeunnya, Assalamu’alaikum.” Amit Fiah ka
indungna.
Jarak imah Fiah ka sakola téh lumayan jauh. unggal isuk Fiah sok indit
leumpang, padahal jarakna kira-kira 2,5 km. Di daerahna Fiah teu boga babaturan
anu saumuran atawa paling henteu anu sarua sakola. Rata-rata henteu dituluy
keun sakolana. Fiah téh ngan hiji-hijina budak anu neruskeun sakola nepi ka
ayeuna masih kénéh SMA.
Afiah Nada Zahirah hiji wanoja
anu sederhana. Tujuan hirupna ngansaukur hayang hirup bener jeung ngabagéakeun kolotna. Fiah dikenal bubabaturannana
salaku wanoja anu lungguh. Lamun waktuna istirahat, Fiah tara ngilu ka
babaturannana jajan. Fiah kalah sok nyorangan diuk di bangku bari tulas- tulis
dina buku. Atawa lamun henteu kitu manéhna sok leuwih milih maca buku di
perpustakaan.
“Fiah,
hayu urang ka kopsis! Urang jajan!” Ajak salah sahiji babaturan Fiah.
“Mangga,
tipayun Fiah mah nuju hoream jajan. Badé ngatoskeun heula ngadambel carpon.”
Jawab Fiah.
“nya,
atuh... ka kopsis heulanya.” Amit babaturan Fiah, indit ka kopsis.
Ampir tiap diajak jajan ku
babaturannana pasti Fiah ngajawabna kitu. Rék nganggeuskeun carpon. Fiah émang
resep nulis, geus loba tulisan Fiah anu dipangpangkeun dina majalah. Salain
resep nulis Fiah oge resep maca novel. Di imahna loba koleksi novel anu ku
manehna dipikaresep. Contona wae novel karya orizuka. Fiah resep pisan novel
karya Orizuka sabab eusi novelna alalus ngandung atikan ngeunaan kahirupan.
Tapi hanjakal bapana Afiah téh teu resepeun Afiah ngoléksi novel atawa maca novel. Pernah
hiji mangsa Afiah dicarékan ku bapana sabab meuli waé novel.
“Assalamu’alaikum...”
“wa’alaikumsalam,
tos timana heula yah meni sonten uih téh?” tanya bapa fiah
“Ti
Bazar buku heula pa. Mésér buku.” Jawab Fiah
“Buku
naon cik bapa ningali!”
“Novel
Pa...” ceuk Fiah bari ngasongkeun novel anu dibeulina di bazar.
“Naon
ari Fiah, kalahkah meuli buku anu kieu. Cing atuh mésér buku teh anu puguh.
Buku pelajaran atuh. Buku kieu mah teu penting. Moal matak nambahan élmu.”
Diomongan
kitu ku bapana Fiah ngan bisa saukur tungkul bari ngadangukeun naon anu
dionongkeun ku bapana. Fiah teu bisa ngalawan kukumaha. Masih kalah kumaha gé
manéhna sadar posisi manéhna ngan saukur budak. Teu pantes lamun rék ngalawan
ka kolot. Bapana Fiah téh lain teu resep Fiah ngoléksi novel, tapi bapana gé
teu resepeun lamun Fiah nulis samodél carpon.
Layung di beulah kulon geus
nembongan. Tandana sréngéngé geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung. Fiah
keur resep ngetik di hareupeun note book di tukangeun imahna. Lamun
diperhatikeun Fiah kadang sok kurang-kerung sorangan nepi ka sura-seuri
sorangan di hareupeu note book. Bapana anu ningali fiah kitu asa anéh.
“Fiah
Kunaon sura-seuri nyalira?” tanya bapana Fiah
Fiah
anu reuwas aya bapana langsung wé manéhna
mareuman eta note book, sabab Fiah apal lamun bapana nyaho Fiah keur
nulis carpon pasti bakal ngambek deui.
“Henteu
pa, teu nuju nanaon.”
“Naha
atuh maké seserian sorangan. Pasti nulis carpon deuinya. Pan bapa geus ngomong
ti basa éta, ulah sok ngalakukeun nu teu guna. Anggur gé diajar sing bener lain
kalahkan ngalakukeun nu teupararuguh. Rék jadi naon engkéna tukang nulis? Yeuh
Fiah dangukeun Bapa téh nyaah ka Fiah. Bapa hayang Fiah jadi jelema bener bisa
asup ka Universitas negeri. Ari ti ayeuna nulis waé mah atuh kumaha rék bisa
abus ka universitas negeri.” Ceuk Bapa Fiah terus langsung ngaléos.
Clak...clak...
Fiah
ceurik. Manéhna langsung abus ka kamar. Ngarenungkeun naon anu tadi di
omongkeun bapana. Naha salah Fiah resep nulis? Naha salah Fiah resep ngoléksi
buku? Naha Fiah ulah nulis anu ngan hobi hungkul? Fiah apal bapa nyaah ka Fiah.
Hayang Fiah jadi jelema anu bener. Tapi henteu kieu carana. Ti saprak eta Fiah
rék ngabuktikeun ka bapana yén manéhna bisa abus ka universitas Negeri bari
jeung terus neruskeun hobina nyaéta nulis.
-TAMAT-
Asri Rahmawati
Langganan:
Postingan (Atom)